Minyak aing minyak batu, saruas buku tamiang Rupa aing siga ratu sapembulu jeung dangian Aya minyak kuwung nyangkrung Aya minyak pel...
Minyak aing minyak batu, saruas buku tamiang
Rupa aing siga ratu sapembulu jeung dangian
Aya minyak kuwung nyangkrung
Aya minyak pelet nyantel dina jentrung ayun-ayunan
Puyuh ngungkung dina punduk
Jalak ngaplak dina tarang
Nya tarang tejrang gumentrang
Na pipi katumbirian
Na irung kuwungan
Na halis ngajeler paeh
Na biwir gula gumantung
Na gado endog sapotong
Na taktak teraju Mas
Mentang godewa
Ti katuhu gula tiwu
Ti kenca gula kalapa
Ti katuhu kepat ratu
Ti kenca kepat dewata
Suwu rusu putra menak komo hayang da aing putra dewata
Di ilik ti gigir lenggih
Di teang ti tukang lenjang
Di deuleu ti hareup sieup-sieup mangka antep
Ku kersaning alloh
Hey ………………… ratu asihan
@By. Jakapitana
@By. Jakapitana
COMMENTS